Tampilkan postingan dengan label Artikel Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Artikel Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

MOLONGO

Jumat, 01 Oktober 2010
Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto - kolot Omon - sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
 
"Tong boloho, Omon!" Om Toto moyok. "Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok."
 
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
 
Om Toto nyorongot. "Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!"

Basa Sunda tereh Tumpur??

Ngajawab ieu patalekan sabenerna enteng bangga. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Naon hesena ngajawab? Tapi oge bangga sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu ngarojong jawaban urang. Jadi? Ah kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna. Keun eta mah bagean para ahli anu memang rubak bekelna.
 
Kahariwang yen basa Sunda bakal tumpur memang asup akal, lamun urang nengetan basa Sunda nu dipake ku sabagian gede kalangan nonoman Sunda. Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'.
 
"Aduh, nggak mau maneeehh.." (pemeo temporer taun 90-an, euweuh hartina iwal ti nembongkeun kagumbiraan. Contona: wanoja panggih jeung jajaka kasep, terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?")

Hate Sumoreang

Rabu, 29 September 2010
Peuting harita langit ceudeum
Hiji peuting nu mawa simpe
Reangna gaang nu mawa waas
Dibarengan ngaririncik ci hujan
Nyawang hirup urang nu paanggang

Hate sumeblak pinuh ku hariwang
Inggis anjeun geus teu mikaharep
Hate sumeblak teu geunah cicing
Inggis anjeun geus beunang ku batur

WAWANGSALAN

Minggu, 26 September 2010
Wawangsalan teh cabang tina sisindiran, mangrupa omongan nu diwangun ku dua padalisan, cangkangna jeung eusina. Mun teu di barengan ku eusina, omongan wawangsalan teh tampolahna mah kawas tatarucingan.

Saperti: “Kembang bodas buah bunder………………………………………” Naon eusina? Pikeun mukakeun eusina kudu di teangan asalna. Naon ari kembang rupana bodas bangunna buah bunder? Ana di teguh hartina jeruk! Kecap jeruk di cokot engangna nu kadua, ruk, ieu teh keur nyieun kecap ngaheruk. Kapanggih eusina “ngaheruk nya pikiran”.

Jadi kecap asalna the “jeruk”, ieu sok di sebut wangsal. Numatak omongan sarupa kitu sok di sebut wawangsalan (Aya oge sawareh ahli basa jeung sastra nu nerangkeun ku jalan sejen; bisa bae, keur nambahan katerangan, malar leuwih eces).

SISINDIRAN

Sabtu, 25 September 2010
Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir (kecap atawa omongan pesekeun atawa anu henteu togmol ditujukeun ka jelema nu dimaksud ku nu nyarita). dirajek engangna nu mimiti dirarangkenan an di tukangna.
Sisindiran hartina aya dua rupa, jadi kecap barang jeung kecappagawean:

(1) Jadi kecap barang, hartina basa anu direka, mangrupa kamonesan basa, wangunanana murwakanti (tina purwakanti = sarupaning mamanis basa nu diudagkeun kana sasaruaan sora, boh aksara sora boh aksara paeh). Sisindiran teh beunang di bagi dua deuih, minangka cabangna, nyaeta paparikan jeung wawangsalan.

(2) Jadi kecap-pagawean, hartina ngucapkeun sisindiran, ku kawih (paparikan) atawa ku tembang (wawangsalan nu winangun dangding). Bisa oge dina omongan-kalakuan kieu upamana: "Ngomongteh nu bener, ulah sisindiran bae, batur ge biheung ngartieun biheung henteu......." Kecap "sisindiran" di dieu sarua

PAPARIKAN

Jumat, 24 September 2010
Paparikan teh cabang tina sisindiran, nu ilahar wangunanana opat jajar (padalisan), dua cangkangna jeung dua deui eusina. Saban padalisan engang-engangna dalapan-dalapan (iwal nu didangdingkeun nu disebut paparikan dangding).

Kecap paparikan asalna tina kecap parek, nu hartina deukeut, tuluy robah jadi parik dirarangkenan pa-an. Jadi paparikan the hartina deudeukeutan. Nu di maksud deudeukeutan didieu, nya eta runtuyan kecap-kecapna (dina tulisan) atawa sorana (mun dilisankeun) “padeukeut” atawa meh sarua, malah sakapeung sarua pisan. Contona saperti nu di handap, beunang nyutat tina buku-buku heubeul jeung anyar beubeunangan para ahli sastra, jeung nu kadenge tina kakawihan jurusinden, panayagan jeung sajabana:

SIKONTOL PANJANG (SItuasi KONdisi TOLeransi PANdangan JANGkauan)

Kamis, 23 September 2010
Di sakola cilovri nuju aya pelajaran bahasa indonesia. Guru bahasa indonesia nyarios dina bahasa indonesia.
Guru : "Anak-anak ku dalam menghadapi segala hal kita harus mempertimbangkan SIKONTOL PANJANG ya jangan lupa itu."
Murid-murid: "Haaaaaa... haaaaaaa..." ( sadayana sareuri,aya oge murid anu nyantri mah raray na janteun beureum da isin ngadangu eta ke'cap.
Guru: "Ada apa ini anak-anak kok malah tertawa sih. ( Kunaon barudak naha sareuri?)"
Murid-murid: "Ihh bapak mah jorok dan tidak sopan menjadi guru teh, bukannya mengajar dengan sopan."
Guru: "Memang apa yang jorok dari kata-kata bapak?"
Murid-murid: "Tuh bapak bilang SIKONTOL PANJANG."
Guru: "Oh itu,anak-anakku jadi belum tahu ya artinya SIKONTOL PANJANG. Kalian semuanya sudah berpikiran kotor dalam mengartikan SIKONTOL PANJANG ITU. Maksud bapak kita dalam menyikapi sesuatu harus memperhatikan SITuasi,KONdisi,TOLeransi,PANdangan,dan JANGkauan. Begitu maksud Bapak."
Murid-murid: "Ohhhhhhhhh..."

Kenging Niron ti : http://ketawa.com/humor-lucu/det/3730/situasi_kondisi_toleransi_pandangan_dan_jangkauan.html

Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda

a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian

b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh

d. Die Hard II - Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance - Nya’an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys – budag bedegong

g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor

i. Here’s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible - Moal Bisa

k. Titanic - Tilelep

l. Paycheck - Nganjuk Heula

m. Reign of Fire - Beubeuleuman

n. Original Sin - Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul

p. Silence of The Lambs - Embe Pundung

q. Ghost - Jurig Kasep

r. Bad Boys - Budak Baong

s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone - Tinggaleun

u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening - Hudang Sare

x. After The Sunset - Tereh Maghrib

Tempat Niron : http://ketawa.com/humor-lucu/det/4711/film_film_hollywood_versi_bahasa_sunda.html