PAPARIKAN

Jumat, 24 September 2010
Paparikan teh cabang tina sisindiran, nu ilahar wangunanana opat jajar (padalisan), dua cangkangna jeung dua deui eusina. Saban padalisan engang-engangna dalapan-dalapan (iwal nu didangdingkeun nu disebut paparikan dangding).

Kecap paparikan asalna tina kecap parek, nu hartina deukeut, tuluy robah jadi parik dirarangkenan pa-an. Jadi paparikan the hartina deudeukeutan. Nu di maksud deudeukeutan didieu, nya eta runtuyan kecap-kecapna (dina tulisan) atawa sorana (mun dilisankeun) “padeukeut” atawa meh sarua, malah sakapeung sarua pisan. Contona saperti nu di handap, beunang nyutat tina buku-buku heubeul jeung anyar beubeunangan para ahli sastra, jeung nu kadenge tina kakawihan jurusinden, panayagan jeung sajabana:



Baju soeh tatambalan,
kaput gede jarumatna;
daek soteh ngawulaan,
lamun hade rumawatna.

Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan;
sangsara kuring di Bandung
gulang-guling ngan sorangan

Daun jarak dibeungkeutan,
dibawa ka jalan gede;
anu harak ngadeukeutan
hayangeun dibawa hade.

Espres Bandung-Surabaya
digantelan kikinciran;
neda ma'lum ka sadaya,
abdi bade sisindiran.

Hampelas raraga jati,
palataran babalean;
iklas raga sareng pati,
ngabelaan kasaean.

Jajambaran bubur lemu,
kelewih picung diruang;
untung jalma loba elmu,
leuwih ti beunghar ku uang.

Kacapring kembang jahe,
ekek paek dina liang;
tandaning jelema hade,
daek eleh sungkan meunang.

Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok lobak bobodasna;
ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.

Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan;
sono mondok sono nganjang,
sono papanggih di jalan.

Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati;
boga emas moal langgeng,
teu cara boga pangarti.

Mawa peti dina sundung,
dibawa ka nusa Jawa;
pangarti teu beurat ngandung,
kabisa teu beurat mawa.

Meuli kurupuk sadacin,
diwadahan kana kancah;
nu dipukpruk ku prihatin,
eta di asih ku Allah

Poe Saptu poe Kemis,
Salasa heuleut-heuleutan;
saha nu muril kumis,
leumpangna eundeuk-eundeukan.

Samping hideung dina bilik,
kumaha dituhurkeunana;
kuring nineung ka nu balik,
kumaha nuturkeunana.

Tarikolot Bojongkaso,
babakan rea hayamna;
beuki kolot beuki nyoso,
beuki rea kahayangna.



1.Rarakitan
Dina paparikan sok aya nu di sebut rarakitan, ieu mah dumeh wangunanana ngarakit (masang, dua-dua sarua), nya eta du ajalar cangkangna jeung dua jalar deui eusina the sarua. Contona saperti di handap :

Baheula pager ku wera,
ayeuna ku pecah beling;
baheula gede ka era,
ayeuna mindeng teu eling.

Batur mah di baju hideung,
kuring mah kabaya bae;
batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Hayang iwung los ka Bandung,
rek ngasah los ka Sumedang;
hayang bingung geura nyandung,
rek susah sing boga hutang.

Ka mana nya nyiar kulit,
hayang seubeuh sesewiran;
ka mana nya nyiar duit,
hayang seubeuh pelesiran.

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna;
lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna

Mihape sisir jeung minyak,
kade kaancloman leungeun;
mihape piker jeung niat,
kade kaangsonan deungeun.

Sapanjang jalan Soreang,
moal weleh diaspalan;
sapanjang tacan kasorang,
moal weleh diakalan.


2. Sesebred
 Dina paparikan sok aya nu di sebut sesebred . Ieu mah sok dipake silih banyolan atawa silih poyokan ku kecap-kecap nu matak pikaseurieun. Ieu the baheula kalampah dina pintonan wayang golek (jaman tacan make jurusinden) sabot dalang reureuh, para nayaga motah ngagamelan bari kakawihan nu sesebred, piligenti ngarah hegar jeung pikaseurieun nu lalajo.

Ceuk tukang saron:

“Tong daek ka leuwigoong,
Mending ge balik ka Banjar,
Tong daek ka tukang goong,
Ari balik tara mayar”.

Di tembal ku tukang goong :

“Ulah daek nyangu aron,
Nyangu dina seeng kosong,
Ulah daek ka nu nyaron,
Nu nyaron sok gede bohong”.

Jeung saterusna gogonjakan nepi ka silih tembalan direwong ku nayaga-nayaga sejenna. Sabot kitu nu lalajo ager-ageran saleuseurian.


3. Paparikan – dangding
Nu disebut paparikan teh teu tukuh kudu opat padalisan bae (dua cangkang jeung dua eusina), tapi aya oge nu lobana leuwih opat. Ieu ilahar nu winangun dangding, nu matak di sebutna oge paparikan-dangding. Wangunanana sapada cangkangna sapada deui eusina, reana padalisan nurutkeun kumaha (naon) pupuhna. Contona saperti di handap (a cangkang, b eusina):

      Kinanti
a.   Ngala hampo kana sumur,
      halangan ku gede cai,
      pisin pabaur jeung pingan,
      melak jambe jadi kitri,
      tangkal jeruk parumpungan,
     dipake nyayang japati

b.   Mo’poho Saumur-umur,
      engkang ka salira nyai,
      isin pabaur jeung hayang,
      melang bae jadi ati,
      bakal hirup panungtungan,
      lamun teu nepi ka jadi.


     Asmarandana
a.  Kapinis ulah disumpit,
     tangkal muncang ngarangrangan,
     kembang kopi kembang kopo,
     karungkang pucuk karungkang,
     lampuyang cocongoan,
     bawaeun ka Rajagaluh,
     batutulis di sakola

b.  Ieu nulis bade pamit,
     doakeun ti kaanggangan,
     ulah lali ulah poho,
     karuhan masing karuhan,
     ku haying sosonoan,
     isukmah urang pajauh,
     cing hayang papanggih heula.


     Sinom
a.  Carulang dipahpal kuda,
     hejo deui hejo deui,
     sayang kaak di arengan,
     diasupkeun kana peti,
     tanjakan awitali,
     rayagung tanggal sapuluh,
     kasungka jeung malela,
     ngala antanan ka jami,
     tangkal jeruk cau emas tengah huma,

b.  Rek mulang samara ka duga,
     nenjo deui nenjo deui
     hayang angkat sasarengan,
     bati gegetun nya ati,
     hoream bilih lali,
     abdi burung mun teu tulus,
     kasuka ti baheula,
     hayang ulah rek lami,
     lamun rujuk abdi unjukan ka ama.


     Dangdanggula
a.  Tangkal manjah neba sisi lamping,
     tangkal putat rubuh ka ibunan,
     handapeun parungpung kosong,
     katuncar cikur nahun,
     dicician dijieun kopi,
     dipais teu diseumat,
     kubang sisi sumur,
     kahieuman tangkal dadap,
     kembang wangidirajangan sapadati,
     mun tangkil jeung daunna.

b.  Hate bungah anu tanpa tanding,
     nampi serat sinareng kintunan,
     pikir bingung jadi longsong,
     abdi teh hatur nuhun,
     kawening estu katampi,
     baris di damel jimat,
     satimbang jeung umur,
     teu diteundeun handap-handap,
     siang wengi baris ngarencangan abdi,
     wawakil nu ngintunan.



(Dicutat tina buku “Kandaga Kasusastraan Sunda” beunang M.A. Salmun. Bandung – Jakarta 1958, kaca 55).***

1 komentar:

Rahmandika mengatakan...

jadi emut ka lembur kang,... hatur nuhun postingan nana

Posting Komentar

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Kritik dan Saran sangat berharga bagi saya untuk membangun Blog ini lebih baik, Silahkan isi komentar Anda di bawah ini..