Hate Sumoreang

Rabu, 29 September 2010
Peuting harita langit ceudeum
Hiji peuting nu mawa simpe
Reangna gaang nu mawa waas
Dibarengan ngaririncik ci hujan
Nyawang hirup urang nu paanggang

Hate sumeblak pinuh ku hariwang
Inggis anjeun geus teu mikaharep
Hate sumeblak teu geunah cicing
Inggis anjeun geus beunang ku batur

Hate tagiwur ratug tutunggulan
Duh, panutan katineung ati
Iraha urang pateupang deui
Kanyaah anjeun nu moal poho

Waas urang keur pateupang
Ngedalkeun tali asih anu moal leungit
Ayeuna ngan kari waasna
Antara hirup kuring jeung anjeun
Anu pinuh ku rasa cinta

Duh, junjunan ati mustika kadeudeuh
Geura jol nepangan diri
Urang ngedalkeun rasa ka sono
Ngedalkeun rasa kadeudeuh
Ngaitkeun ati ngajadi hiji


Ku: Uvi Sopiah

2 komentar:

Panganguran mengatakan...

Asa inget ka jaman keur ngora, basa keur bobogohan jeung anak mitoha, teu beda kitu tah caritanateh..
Nuhun ah kang tos ngawaas.....

Anonim mengatakan...

deudeuh teuink...
ingt keur hrita ngora,ayeunamah ngan saukur,bisa nempoken budak ayeuna bobogohan......

Posting Komentar

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Kritik dan Saran sangat berharga bagi saya untuk membangun Blog ini lebih baik, Silahkan isi komentar Anda di bawah ini..