Janji

Selasa, 05 Oktober 2010
Gelikna suling, jentrengna kacapi
ditambah haleuangna sinden
mawa lamunan kuring nyorang mangsa 13 taun katukang

didieu.........dijalan ieu,
anjeun kungsi ngedalkeun eusi hate
janji pasini pakait ati
pikeun silih pikacinta

Ayeuna di jalan ieu
kuring ngan ukur bisa nyawang mangsa-mangsa endah urang duaan
mangsa-mangsa nu moal ka alaman deui

Duh....junjunan hate,
naha anjeun bet tega ninggalkeun kuring sorangan
ninggalkeun kanyeri na jero dada
naha anjeun tega ngahianat janji sorangan

Di postkeun ti 'Saung Panineungan'

0 komentar:

Posting Komentar

:)) ;)) ;;) :D ;) :p :(( :) :( :X =(( :-o :-/ :-* :| 8-} :)] ~x( :-t b-( :-L x( =))

Kritik dan Saran sangat berharga bagi saya untuk membangun Blog ini lebih baik, Silahkan isi komentar Anda di bawah ini..